PUISI SAJAK SUNDA

Etti R S
DI MUNARA MASJID AGUNG BANDUNG I
Lebah mana Sangkuriang ngumpulkeun para guriang
di léngkob Lémbang atawa ‘na tungturunan tungtung Subang?
parahu anu nangkub saumur-umur
‘na enya wujud rasa pundung nu ditundung indung
atawa ketak bujangga nu ngalanggengkeun sarakan ku ciciptan:
ngarah lana najan lembur jadi kota
ngarah manjang najan beurang jadi bayeungyang
‘na di mana Sumur Bandung tempat ngalokat nu hayang luhung
lebah bubat Cikapundung atawa ‘na suku-suku gunung?
cinyusu nu mancur dina catur
boa-boa ukur isarah nu lain sagawayah
nu ngantengkeun panineungan jeung lambaran sajarah:
sangkan lacak tetep napak
sangkan amanat tetep natrat
Lebah wétan kasawang titinggal Karaton Kendan
baheula ngababakan pencaran ti Purnawarman
najan cenah kacatet dina keretas nu lain sagawayah
hanjakal dongéng ti Bojongménjé
ngan kapireng sabot keyeng ngan ngaliwat sajorélat
kalimpudan haseup jaman nu tambah ngandelan
Tuh tugu-tugu narangtung nujul kaluhur
tagogna ngalindih lahan ‘na gumplukna dangdaunan
paingan hawa nyecep beuki ngorotan
da saab geuning narekab ka saban madhab
leungiteun hiliwir tingtrim tina iuh-iuh kanari
leungiteun ambungeun tina runggunuk tangkal tanjung
muga gedong-gedong nu tingbedega
teu nalukkeun istana nu jadi jati diri kota
Puseur Tatar Sunda, Méi 2004�

Komentar

Postingan Populer